KUMPULAN CARITA LUCU


KUMPULAN CARITA LUCU



1.GIGITEKAN


Mang Asep urang kampung bau lisung ngumbara ka Jakarta jadi tukang bangunan. Hiji waktu manehna datang ka dokter gigi cenahmah nyeri huntu.

Dokter Gigi : "Kenapa giginya mang..?"

Mang Asep : "Gigi saya koropok, cabut saja Dok"

Dokter Gigi : "Coba buka mulutnya...", si dokter teh bari terus mariksa huntu Mang Asep. Beres dipariksa terus huntu Mang Asep dicabut bari getih kaluar tina gusina. Tuluy si Dokter teh nyelapkeun kapas kana huntu Mang Asep nu masih getihan."

Dokter Gigi : " Gigi tekan..."

Mang Asep kalahka ngagual geolkeun bujurna kawas Inul keur ngebor.....dikirana sina GIGITEKAN

Dokter Gigi : " ..??%@%& ..."






2. NGAGANJEUL hihihi


Kacaritakeun aya hiji sobat ti bubudak nepi ka gede teu bisa pisah, nu hiji lolong nu hiji deui gempor, mun indit inditan pasti duanana arindit da puguh nu lolong bagian ngagandong anu gempor bagian panunjuk jalan.

Hiji mangsa harita liwat jambatan walungan;

Lolong : "Sora aya anu mandi nya ?", pokna anu lolong.
Gempor: "Heueuh !, cik rek nanya eta nu mandi teh awewe atawa lalaki ?"
Lolong : "Nya pasti awewe lah !"
Gempor: "Ah siah lolong-lolong ge nyaho ka awewe mah !,Naha maneh bet nyaho eta awewe, memang tandana naon ?"
Lolong : "Ah siamah dasar bego!, oneng! bin tolol!, pan eta tandana mah bobogaan maneh ngaganjel dina tonggong aing!".
Gempor: "Aeh Heueuh nya ! dasar ! teu kaop ninggali anu?"




3.MALING HAYAM


Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kenca, ngaler ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung, maklum dikampung mah masih keneh loba imah panggung, jeung biasana kolong imah teh sok dijieun kadang hayam, kandang entog, kandang kelenci, pokona mah kolong imah teh sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana, multi level meureun nya ayeuna mah istilahna teh.

Tah simaling teh caritana rek maling hayam, rerencepan muka panto kandang bari jeung dugdag-degdeg da sieun kadengeeun kunu boga imah, barang keur muka panto kandang ngadenge aya sora awewe "kang....tos dibuka......", simaling ngagerendeng na hatena "duh! nyahoeun aing muka panto", simaling jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor sirahna ka kandang, ti imah kadenge deui sora awewe "duh kang tos lebet nya !!!" sorana rada tarik, simaling ngorejat bari kukulutus dina hatena "haram jadah! nyahoeun aing rek maling hayam !", padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon da puguh keur sosonoan, maklum masih pangantenan.

Isukna simaling jualan bonteng di pasar, kabeneran sipanganten oge indit kapasar, pas liwat ka tukang bonteng awewena nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang bonteng, pokna teh "kang siga nu wengi nya!". maksudna kana bonteng, tapi Tukang bonteng ngageubeug hatena, rey...... beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat tipoporose sieun ditewak, hatena baceo "duh bener-bener nyahoeun ka aing". padahal si awewe mah ngomong kitu teh kanu boga salakina.


4. DI TILANG PULISI


Waktu eta teh s “Bedul" ngangge motor bade ka kota pas di parapatan aya sora nu niup piriwit. Teu disangka nu niup piriwit teh ya eta polisi, si Bedul teuinang mokaha maneh na komplit make helem ieuh.

Langsung be maneh na eren. Terus yampeurkeun eta polisi nu ngaeureun keun manehna

Bedul: "Ku naon pa abi di eureun keun??"
Polisi: "Arek mariksa"
Bedul : "Mariksa naon ?? Da abi mah teu nyandak NARKOBA………..
Polisi: "lain eta maksud saya mah"
Bedul: "Atuh naon ? Lain eta mah make di pariksa sagala"
Polisi: "Ari SIM na mana ??"
Bedul: "Oh eta maha bi can gaduh pa!"

Kacaritakeun s Bedul di tilang be ku polisi. Hiji mansa s bedul mawa motor deuio ngaliwat parapatan deui. Si Bedul teu reuwaseun da mokaha maneh na ayeuna mah bogaeun SIM

Langsung maneh na eureun

Bedul: "Aya naon deui pa ??? SIM aya .... motor komplit Naon deui pa?"

Polisi: "maneh teu pakai helem... Kapaksa ku saya maneh di tilang..."

Poe isuk na Si Bedul leumpang alias jalan jalan sorangan. Pas kabeuneuran papanggih jeung polisi nu sok. Biasa nilang maneh na.Celetuk sibedul nanya ka eta polisi

Bedul: "Pa? Ku naon abi teu dipariksa ku bapa? SIM aya helem di angge"

Polisi: "Maneh na teu mawa motorrrrrrrrrrrra???"

Bedul: "Ohhh euya ya... geuning aing bolohoy!"

Si Bedul ngaleos eraeun bari maneh na neunggeulan sirah sorangan...


5. RARASAEUN NA BEUS


Kondektur ka hot mang Obing teh. Geus aya dua puluh taunna, cenah,
digawena dina beus. Bab ongkos, ti mana jeung kamana, ku manehna geus katalar pisan. Hiji poe, Mang Obing keur ngadaweung dihareupeun imahna, da kabeneran keur teu jalan, mobil cekelanana turun mesin. Lar aya anu ngaliwat.

"Rek ka mana?" Mang Obing nanya.
"Ka Kadungora," tembal anu ngaliwat.
Tret nulis angka. Song dibikeun, bari pokna, "Tujuh ratus, disaruakeun
jeung ongkos ka Garut."
"Ari Emang, naon ieu teh?"
"Aeh heueuh, rarasaan teh keur dina beus," tembal Mang Obing bari ngelemes.






0 komentar:

Posting Komentar

ORANG BIJAK SELALU MENINGGALKAN JEJAK !