TOKOH WAYANG SEMAR BADRANAYA WAYANG GOLEK








Semar Badranaya mangrupikeun penjelmaan dewa, nyaeta  Batara Ismaya. gaduh bojo namina Sutiragen putri karajaan Sekarnumbe. gaduh putra namina Cepot, Dewala sareng Gareng.
Di Sawarga Maniloka gaduh putra namina  Batara Surya (dewa matahari).
semar badranaya mangrupikeun sosok anu sakti tur pinuh ku misteri di dunia pawayangan.


Ciri sareng makna bentuk semar 




1. Kulitna Hideung, 


kulitna Kawas  buah manggis atanapi manggu Anu Parantos Hideung iyeu nyimbulkeun parantos dewasa atanapi asak dina mental sareng pamikiran.


2. Raraina Bodas


 Rarai mangrupikeun eunteung hate. Semar ngagaduhan hate bodas,bersih tur suci.


3. Nyandak Kantong  kosong. 


Semar kosong atanapi bersih tina sifat sirik pidik jail kaniaya iren panastren dudumpak rurumpak ngupat sumuat ujug riya takabur nyaci maki siksik belik teu kaopan teu payaan bedegong buntangul buraong kedul jeung sajabana . Intina kosong kosong tina sifat goreng manusa.


4. ngagaduhan bentuk anu unik 


Disebut lalaki tapi aya sus* an sareng  bujurna ageung. Disebut istri tapi aya jakunan. Disebut masih budak atanapi ngora tapi kulit na tos pareot. Disebut nangtung tapi diuk disebut diuk tapi siga nangtung. Disebut kolot tapi aya kuncungan siga anak punk mun ceuk barudak ayeuna na namah. eta eta sadaya ngandung hartos yen manusa teh rek lalaki awewe kolot ngora atawa budak sakedah na ngagaduhan hate anu suci tur bersih tina sagala kamusrikan jeung sifat goreng manusa.tos pareot. Disebut nangtung tapi diuk disebut diuk tapi siga nangtung. Disebut kolot tapi aya kuncungan siga anak punk mun ceuk barudak ayeuna na namah. eta eta sadaya ngandung hartos yen manusa teh rek lalaki awewe kolot ngora atawa budak sakedah na ngagaduhan hate anu suci tur bersih tina sagala kamusrikan jeung sifat goreng manusa.

0 komentar:

Posting Komentar

ORANG BIJAK SELALU MENINGGALKAN JEJAK !