Sisindiran Pepeling Keur Urang Sunda


aya hiji balon rek bitu
sabab kagencet ku buhaya
naha urang sunda teh kitu
mopohokeun kana budaya

aya jalma teu boga banda
sadayana tos dipasihkeun
angklung teh ti tatar sunda
naha urang bet mopohokeun


ulin ka laut banda
naha jadi nalangsa
kuring teh urang sunda
kuring nyaah kana basa

di kebon sato aya panda
panda ngahakan kangkung
budayakeun budaya sunda
bilih lapur kawas angklung

kamari ulin ka samarinda
trus nyimpang ka bima
kuring mah da urang sunda
nyebat ka indung teh ema

diluhur aya bandera
bandera gambar panda
naha kuring kudu era
pan ieu teh basa sunda

poe salasa tumpak kuda
kuda paninggalan walanda
urang mah urang sunda
atuh pake basa sunda

kangkung diasakan ku banda
raos pisan rasana
angklung teh asli ti sunda
kuring nu bogana

aya pawang buhaya
pawangna ulin ka persia
kudu nyaah kana budaya
bisi dicolong ku malaysia

hayang ulin ka gunung gede
di gunung aya buhaya
urang sunda sing harade
sing nyaah kana budaya

ulin ka jalan juanda
sawaktos bulan puasa
mun ngaku urang sunda
tong poho kana basa

aya huma dekeut situ
eta huma nu bogana panda
naha urang sunda teh kitu
alim nyarios ku basa sunda

Aya jalma leumpang ti peuting
Manehna teh balik nyaba
Urang sunda kudu eling
Tong hirup sakaba-kaba

0 komentar:

Posting Komentar

ORANG BIJAK SELALU MENINGGALKAN JEJAK !