ZODIAK MU HARI INI BAHASA SUNDA


Ramalan poe ayeuna, menurut epot urang sunda aseli :

1. Pirgo - Pagawean nu cocok: dagang jengkol. Keuangan: hambur pisan. Asmara: teangan nu rada cageur.

2. Akuarius - Pagawean nu cocok: Dagang taraje jeung bilik. Keuangan: eureunan unjam injem wae. Asmara: Sakeudeung deui jomblo, dikepret calon mitoha.

3. Pisces - Pagawean nu cocok: Ngangkutan galon cai, sakapeung ngojek jeung ngiriman BBM ocon. Keuangan: Ledeh, loba urusan pacorokokod,. Asmara: ditolak deui, angger teu pira pedah rorombeheun.

4. Aries - Pagawean nu cocok: ngamandian domba. Keuangan: loba ngahutang, gaji kapotongan wae. Asmara: benerkeun heula beungeut.

5. Taurus - Pagawean nu cocok: Ngored jukut keur parab embe jeung dagang lahang. Keuangan: katipu baturan deukeut. Kudu diruwat. Asmara: Teu payu payu, ganti peletna.

6. Gemini - Pagawean nu cocok: Ngurek belut, ngala tutut. Keuangan: Bangkar, jujualan baju mitoha. Asmara: ucrat-acret teuing...kabogoh diditu-didieu, euweuh nu eucreug.

7. Kancer - Pagawean nu cocok: Macul, ngored. Keuangan: sakarat, tereh bangkrut. Asmara: Euweuh nu daekeun, modal ipis.

8. Leo - Pagawean nu cocok: noelan tukang jajamu. Keuangan: Ripuh pisan, teu saperak2 acan-. Asmara: ati2 bakal kapelet, lawan ku dukun ti babakan cibelekok.

9. Libra - Pagawean nu cocok: ngorehan runtah atawa Tukang beling. Keuangan: Teu becus euweuh gadag neang duit. Asmara: malem minggu engke manehna keur hayangeun diwowoy peda beureum+peuteuy.

10. Sekorpio - Pagawean nu cocok: Moe huntu di buruan sakapeung Menerkeun kenteng batur. Keuangan: sarua jiga kamari boke, Asmara: boga kabogoh panyakitan

11. Sagitarius - Pagawean nu cocok: Mersihan balong, mun keur halodo nyopet di pasar. Keuangan: pamajikan ngadat menta tambahan resiko dapur. Asmara: ditampilingan wae ku pamajikan,loba tatanya dukun jig !

12. Kapricorn - Pagawean nu cocok: Dagang kurupuk Keuangan: Pikawatireun. Asmara: mnding ngagantung maneh.:D
Euweuh nu alus!!!! X_X RAMALABINTANG teh nya
*•Ħe̲̅Ů *•* Ĥe̲̅Ů*˚*Ĥe̲̅Ů *•

0 komentar:

Posting Komentar

ORANG BIJAK SELALU MENINGGALKAN JEJAK !