Susunan Acara Prosesi Nikah Adat Sunda


RUNTUYAN / SUSUNAN ACARA DINA WALIMATUL URUSY
 
1.       07.15 - 07.30
     Rengrengan Kulawarga Calon Panganten Istri tos siap kalayan merenah di  
     payuneun bumi.

2.       07.30 - 07.45
                Rombongan Calon Panganten Pameget, dugi ka tungtung Jalan, atanapi buruan,
diandeg heula di payuneun bumi.
     A.      Iber ti MC :
 Ka rombongan pipanganteneun pameget, pamugi kersa ngantos heula sakedap,
 sakantenan memeres rombongan, atanapi tamu nu sanes, anu kaleresan teu acan
  siap.
 Ka Pager Bagus sareng Pager Ayu nu bade mayungan Calon Panganten Pameget,
  mangga dihaturanan kanggo mapag, ngiringkeun Calon Panganten Pameget ka bumi
  Pipanganteneun Istri.
    B.      Bari ngantosan nu mapah, Narasi MC, sapertos kieu :     
Itu geuning, calon panganten geus sumping.
Kitu deui nu garinding, haturan bagea sumping.
Enya geuning, mana lucu-lucu teuing.
Nineung teuing, bagja teuing.
Anaking bagea sumping.
Enya geuning, nu dianti-anti sumping.
Nu kasep jimat awaking.           
Baeu banget deudeuh teuing.
    C.      Di lawang panto, dina panyaweran, diandeg deui, dipapag ku Ibuna
pipanganteneun istri, dikangkalungan kembang malati.Mangga ka ibuna pipangantenneun istri, pamugi kersa ngangkalungkeun kembang malati, saparantosna dikangkalungan kembang malati, pipanganteneun pameget munjungan ka ibu-ramana pipanganteneun istri, kitu deui ibu ramana pipanganteneun pameget, pada-pada munjungan kadua pihakanana.
     
D.      Narasi MC dina :
 Jemplang Karang.
 Haturan kasep haturan
 Haturan bagea sumping
 Ibu kebek ku kasono
 Ka hidep anu raspati
 Panyileukan beurang peuting
 Ibu teu weleh nunuhun
 Hidep nu jadi harepan
 Jagong tuhur beunang ngunun.
 Nu kasep bagea sumping.
 Cikur jangkung pamuraan.
 Anaking paranglay teuing.
 Cunduk waktu ninggang mangsa
 Nitih wanci nu mustari
 Nitih wanci nu mustari.

   E.       Mangga ka Pipanganteneun Pameget oge ka ibu ramana dihaturanan calik di
tempat anu parantos disayagikeun.
Bawiraos ka para tamu nu teu acan kaagehan tempat, mangga milarian tempat
heula, supados rada salse, sateuacan ieu acara dikawitan.


3.       07.45 - 08.00
 Bubuka MC.
Bismillaahirahmaanirrahiim.
Assalamu 'alaikum warahmatullaahi Wabarakaatuh
Alhamdulillaahilladzii khalaqa lakum min amfusikum azwaajaa, litaskunuu ilaihaa, waja 'ala bainakum mawadah warahmah, wash shalaatu was salaamub'alaa mal laa nabiyya ba'dah. wa 'alaa aalihii washah bihii wamaw waalaah, laa haula walaa quwwata illaa billaahi al aliyyil adhiim. amma ba'du.
Ibu-bapa hadirin sadaya, utamina para tamu, sepuh anom jaler istri rahimakumullah. Puji syukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci, anu nangtayungan urang sadaya, siang kalayan wengi. Muga-muga rahmat miwah barakahNa, kasanggakeun ka Nabi urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka para shahabatna, ka para kulawargana, sareng ka sadaya umatna anu satia-satuhu ka anjeunna, khususna ka sapasang calon panganten. Atas nami shahibul bait, sim kuring nyanggakeun haturan sumping, ka para tamu sadaya, disarengan ku kabingah nu taya hinggana, ku kasumpingan ibu-bapa sadaya, dugi ka rada sesah, ngarekana ku basa.
Malah mandar teu ngalantur ngawur saur, urang kawitan bae ku acara nu munggaran, minangka nyerenkeun pipanganteneun pameget, dina acara seren tampi dinten ieu.
Ka sesepuh ti rombongan calon panganten pameget,   mangga nyanggakeun.


4.       08.00 - 08.15

   A.      Nyerenkeun calon pipanganteneun pameget.

Bismillaahirahman nirrahiim.
Assalammua 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.
 Alhamdu lillaahil ladzi arsala rasuulahu lahu bil huda, wadinil haq, liyudh hirahuu 'alladiini kullihii wakafaa billahii syahiidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan 'abduhu warasuluhuu laa nabiya ba'dah. Allahumma shalli wasallim wabarik 'alaa sayyidina muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit taqaa. Amma ba'du.
Diawitan ku basmalah, nu jadi sekar pangiring catur, sangkan jadi panghias rasa, tur jadi santun ing kalbu. Tarate hate malati ati, sangkan jadi pangemat aworna omel jeung amal. Dituturkeun ku hamdalah, kalimah panundung rambu ing takabur, nu ngahunyud dina kalbu, nu sok jadi panghalang, jorelatna teja Al Qur-an kana manah, ngaheumpikkan tembusna cahaya kudus kana kalbu, sangkan ulah aya rasa riya, sum’ah jeung takabur, nu sok pasolengkrah jeroeun dada. Dipirig ku kalimah kalih, syahadat dua lir sumpah, jangji moal lanca-linci, luncat mulang udar tina tali gadang, mo rek ngijing sila, bengkok sembah, rek khusyu sumujud, tuhu nuturkeun galur ti Rasul.
 Ibu-bapa, hadirin sadaya, sepuh anom jaler istri rahimakumullah.
Saba'da bubuka nembe, mitembeyan, minangka pangjajap saur, widian sim kuring medar pamaksadan, sok sanaos teu patos tebih, ti palih wetan, ti.....(tempat panganten pameget) ka dieu.......(tempat panganten istri ), saur basa pujangga mah, jauh dijugjug anggang diteang, ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, matak reuwas nu kasumpingan, sim kuring, minangka nangtung sambung laku, letah sambung carita, ti kulawarga Bapa ...........(Ramana Panganten Pameget), sarimbit, anu maksadna taya sanes :
-          Kahiji, seja nganuhunkeun ka pribumi, wireh ditampi ku tata titi anu raspati, panyambatna nu bear marahmay, someah hade ka semah, matak luginakana manah, nawiskeun, yen pribumi kalebet jalmi linuhung budi, anu resepngamulyakeun tatamu, hatur nuhun ...., mugia bae kasaeanana ieu dibales kuAllah Nu Rahman Rahim.
-          Kaduana, seja nyanggakeun silaturahmi nu langkung jembar, minangka panyambung tina silaturahmi nu kantos dilaksanakeun waktos kapengker,antawis kulawarga ............(Ramana Panganten Pameget ) sareng kulawarga...........(Ramana Panganten Istri) didieu, mugia bae beungkeutansilaturahmi antawis rombongan calon panganten pameget, sareng kulawargacalon panganten istri saparakanca ieu, tiasa ngajantenkeun pirang-pirangkasaean.
-          Katiluna, seja nyambung saur kapungkur, anu kantos pasini, antawis kulawarga  .........(Ramana Panganten Pameget), sareng kulawarga .............(RamanaPanganten Istri) didieu, wireh pun dulur, Saderek .............(PangantenPameget), putra lalaki, cikalna, ti kulawarga Bapa ...............(RamanaPanganten Pameget), sarimbit, kantos nyimpen carios sareng tuang putra Neng .........(Panganten Istri), upami teu aya cegahing Allah Nu Murbeng Alam, kalayan didadasaran ku itikad, anu clik putih clak herang, seja tatahar, ngajak sasarengan rumah tangga sareng tuang putra. Mun kapungkur, lamunan teh ngan ukur angen-angen wungkul, kamari nu masih keneh janten beubeureuh maneuh, bebene pamepes hate, kiwari, dina dinten Ahad ieu, aya kahoyong ti saderek Bambang ieu, manawi aya kaweningan galih ti tuang putra, sareng ti sepuhna tangtosna oge, hoyong ka palupuh nangtung saurna teh, hoyong kapimilik, malah dipaparah, diangen-angen, sangkan tiasa kauntun tipung katambang beas, laksanana kapiduriat.
-          Kaopatna, wireh kawengku ku hukum katalian ku adat kabiasaan, yen sahna rumah tangga, upami aya kaweningan galih, ka iklhasan manah, ti wali calon panganten istri, anu mangrupi "ijabna" ditema ku panganten pameget minangka "qabulna", ayeuna, mangga, kasanggakeun pamegetna, getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, kabodoanana, kala’ipanana sareng katalingeuhanana, siangna, wengina, mangga, nyanggakeun, sarta pangjajap pidu'ana, malah mandar, rumah tangga para putra urang jaga, aya dina ginanjar kawilujengan, janten wangunan rumah tangga anu sakinah, rumah tangga anu mawaddah warahmah, sangkan tiasa janten wangunan rumah tangga anu baldatun thayyibatun warabbun ghafur.
-          Kalimana, sok sanaos kalintang isin ajrihna, margi tebih ti utami tea, kituge sanes bade ngaluli-luli, nanging rumaos, tuna tina kagaduh, estu tamba ngalongkewang wungkul, sapulukaneun pangjajap itikad, pangjurung maksud ti  pun dulur, saderek .............(Panganten Pameget), beas sacanggeum, encit sacewir, artos satoros teh, sanes mung ukur babasaan wungkul, estuning saujratna, nanging panuhun, ulah ditingal jumlahna, margi tangtos, matak ngisinkeunana, pamugi anu kasuhun, kersa nampi cacandakan saderek ...........(Panganten Pameget) ieu. Kagenepna, hapunten anu kasuhun, upami ieu pamaksadan miwah kadongkapan sim  kuring saparakanca ieu, tebih tina harepan pribumi, oge tina sugrining  kalepatan sareng kakiranganana, utamina bilih aya saur bahe carek, catur nu  teu kaukur, carita anu teu karasa, eta sadaya sanes perkara anu dihaja, estuning tina kakirang sim kuring wungkul.
-           Pamungkas, sim kuring neneda ka Allah SWT, mugia anu bade ditikahkeun ieu,sing runtut raut, lulus banglus, apanjang-apunjung, parek rijkina, adohbalaina, jatnika salalamina, dina enggoning laki rabina. Deudeul du'a ti awal bae, geulis, kasep : "Barakallahu laka wabaraka alaika, wa jama'a baina kuma fii khair" Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti maparin  barakah ka anu bade ditikahkeun ieu, sareng mugi Gusti ngahijikeun ka anu bade ditikahkeun dina kasaean. Amin Yaa Allah Yaa Rabbal 'alamiin, Yaa Mujibas saa 'iliin.
 Billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah wal inayah.
 Wallahu muwaffiq ilaa aqwamith thariiq.
Wasallamu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.


   B.       Hadirin rahimakumullah, rupina teu kedah dikomentaran deui, naon-naon nu parantos kasaksen sareng kakuping ku urang sadaya nembe. Bade dibujeng enggalna bae, ayeuna ka sesepuh ti pihak pipanganteneun istri, dina waktos ieu,  nu bade ngawaler sareng nampi, pipanganteneun pameget ieu teh, diwakilan kunu janten sesepuh ti pihak kulawarga calon panganten istri,waktos sareng tempat mangga kahaturkeun.

5.       08.15 - 08.30
Nampi calon pipanganteneun pameget .
Assalamu 'alaikum warhmatullaahi Wabarakaatuh.
Alahamdu  lillaahil ladzii arsala rasuulahu bil hudaa, wadiinil haq, liyudh hiraahu alladziini kullihi wakafaa billaahi syahidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan abduhu waraasuluhu la nabiya ba'dah. Allaahumma shalli wasallim wabarik 'alaa sayyidina Muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit taqa, amma ba'du.
Ibu-bapa, hadirin sadaya utamina para tamu, sepuh anom jaler istri  rahimakumullah.
 Saba'da bubuka nembe, mitembeyan minangka pangjajap saur, Sim kuring  minangka nangtung sambung laku, letah sambung carita ti kulawarga .........(Ramana Panganten Istri), Ramana pituin calon panganten istri Neng .................(Panganten Istri), nyanggakeun haturan sumping, disarengan ku laksa keti kabingahan, ka para wargi sadaya, anu parantos kersa ngadongkapan ka ieu patempatan, mugia bae, kasumpingan para tatamu ieu tehsing ngajantenkeun hiji ibadah anu ditampi ku Allah SWT. Amin yaa Allah Yaa Rabbal alamiin.Kawuwuh nembe, sakumaha kasauran sepuhna calon panganten pameget, deuh, balungbang timur caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan, kitu ibaratna eusi dada sim kuring sakulawarga ayeuna, sugri anu disaurkeun nembe, sakitu beres roesna, atuh nu dipasrahkeunana, sakitu gindingna, sakitu tegepna,dedeg sampe rupa hade, anu lajeng dipasrahkeunana pisan, kantenan, eta nu diajeng-ajeng siang kalayan wengi teh, malah tos asa beuheung sosonggeteun, sim kuring sakulawarga tos cilingcingcat bae ti enjing keneh, komo Neng .............(Panganten Istri) mah, inggis pajar teh, sieun Kang ................(Panganten Pameget), teu cios sumping, saur juru mamaos mah kieu cenah geuning,Yeuh badan abdi buktina,kapan sakieu reksakna, manis, kapan sakieu reksakna, dunungan, hate teh awut-awutan, ku lami puyang payengan, dunungan, ayeuna mah geuning, ku lami puyang payengan.. Nanging buktosna mah bet ngembang boled, nu dianti teu burung dugi, nu ditunggu teu burung cunduk, kalayan salamet teu kirang sawios-wios, atuh kantenan, ditampi ku asta kalih, kasuhun kalingga murba, binarungan bingah amarwata suta, bingah anu teu aya hinggana.
Nya kitu deui cacandakanana, sakitu seueurna, sakitu numpukna, kirang kumaha deui, sok sanaos yaktos teu diantos-antos, ditampi kalayan kabingahan,henteu bade diteundeun dihandap-handap, estu disuhun dina embunan-embunan, mugia bae, janten hiji kamangfaatan, pikeun barudak nu bakal nyorangkahirupan dunya anyar, dina wanda wangunan rumah tangga.
Sawangsulna, mugia ageung sih hapuntena, tina sagala rupi kakirangan, dina leresan panampian, utamina, bilih kirang tata titina, kirang duduga peryogana, mugi ulah kirang-kirang nya ngahapunten
Pamungkas rupina, urang sami-sami ngadu'a bae ka Allah SWT, mugia paneja barudak nu bade jatukrami ieu, miwah pamaksadan urang nu janten sepuhna, tiasa diijabah ku Allah SWT, "Barakallaahu laka wabaraka alaika, wa jama 'a bainakumaa fii khaiir" Amiin Yaa Allah Yaa Rabbal alamiin, Amiin yaa mujibas saa 'ilin, billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah wal
inayah, wallaahu muwaafiq ilaa aqwamit thaariq.
Wasallam mu'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.

Alhamdulillaahi Rabbil 'alamiin, kalayan Rahmat Nu Maha Kawasa, acara seren tampi, dina enjing-enjing ieu, parantos dilaksanakeun kalayan lancar, teukirang sawios-wios, keuna kana paripaos “batu turun keusik naek”. Cep .............(Panganten Pameget) purun Neng ...............(Panganten Istri) na oge daek.  Kanggo langkung euyeubna ieu acara, ka sepuhna calon pipanganteneun istri, oge ibu-ramana calon pipanganteneun pameget, dihaturanan ngadeg, kanggo seren tampi, masrahkeun cacandakanana, tinu janten calon panganten pameget ka fihak calon panganten istri, simbolis bae rupina, ku ibuna calon  pipanganteneun pameget ka ibuna calon pipanganteneun istri. Atanapi ti Ibu  ................(Ibuna Panganten Pameget) ka ibu ..........(Ibuna Panganten Istri), atuh ka Juru Foto, bilih peryogi kanggo dokumentasi, manga dipasihan waktos kanggo motoanana. Cacandakan nu sanesna, tiasa ekstapet bae, dihaturkeun ka rengrengan pager  bagus, atanapi pager ayu, atanapi kadang wargi ti pihak kulawargi calon pipanganteneun istri, nu sanesna tiasa ngabantuan kanggo nampi cacandakan ti  para tamu ieu, disimpen heulaanan dinu merenah, supados rada salse.
Hadirin rahimakumullah. Saterasna, acara dilajengkeun kana acara akad nikah. Aya harewos ti dua pihak anu bebesanan ieu, akad tikah teh hoyong di masjid bae saurna teh,  ku kituna ka para tamu, kadang wargi, hadirin sadaya, urang  sasarengan bae, ngiringkeun pipanganteneun ieu, ka Masjid  ......................, kaleresan teu patos tebih.
Mangga ka pager bagus anu bade ngiring ngaping pipanganteneun ieu, tiasadiawitan bae.sing rada anca we Cep ...............(Panganten Pameget) oge Neng ...........(Panganten Istri) teu kedah gurung gusuh teuing, bilih geubis.
6.       08.30 - 09.05
 Akad Nikah di Masjid........................
Hadirin ikhwatul iman rahimakumullah.
 Alhamdulillah, ayeuna parantos dugi kana wanci nu mustari, calon panganten duanana, wali, para saksi, sareng Bapa Naib, parantos sami-sami hadir.
Upacara akad nikah bade dibuka, ku maoskeun ayat-ayat suci Al Qur-anul  Karim. Nu bade kasanggakeun ku kersana Ustadz ..............., sareng Sari Tilawatul Qur-an na, kasanggakeun ku kersana Ibu ................., kayungyun deui wae, nu ngaos Qur-an na carogena, sari tilawah ku istrina.
 Ka Ustadz ................. sareng .............., mangga waktos sareng  tempat kahaturkeun.
7.       09.05 - 09.15
 Bacaan Al Qur-anul Karim sareng Sari Tilawah.
Salajengna ditema ku khutbah Nikah, nu bade kasanggakeun ku kersana Bapa K.H. ....................................Ka pangersa Bapa K.H......................, mangga waktos sareng tempat kahaturkeun.

8.       09.15 - 10.00
 Khutbah Nikah

  Alhamdulillah, khutbah nikah parantos didugikeun nembe, kanggo pibekeleun para-putra urang nu bade dirapalan, nanging teu mustahil, khutbah nembe teh, pikeun panggeuing kanggo urang sadaya nu parantos janten panganten bari.Hadirin rahimakumullah. Insyaa Allah, dina acara puncak dinten ieu, mangrupi akad nikah antawis Cep ............(Panganten Pameget) sareng Neng ................(Panganten Istri), sareng nu janten walina.
Bilih hilap, ka sadayana bae, panuhun, ka ibu-bapa sadaya, anu sami hadir dinten ieu,  upami engke dina ijab-qabulna lancar teu kirang sawios-wios, panuhun, sakali deui panuhun, teu kedah dikeprokkan sagala rupi, urang sami-sami du'akeun bae, ieu panganten teh ku du'a : "Barakallahu laka wabaraka alaika, wa jama'a bainakuma fii khair". Ka bapa Naib, mangga nyanggakeun.
9.       10.00 - 10. 30
Akad Nikah
Alhamdulillaah, ti danget ieu Neng .................(Panganten Istri) sareng Cep ..............(Panganten Pameget), parantos ngadahup kalayan resmi  kasaksen ku balarea, mugia sing runtut raut, rukun sabilulungan, sapapait samamanis, rahayu salamet di dunya katut di akherat jaga.

10.   10.30 - 11.00
 Ngalebetkeun lelepen sareng Masangkeun Mas Kawin kana Panangan Panganten  Istri. Acara salajengna, nyaeta ngalebetkeun lelepen.  Ka Cep .................(Pamanganten Pameget) oge ka Neng .............(Panganten Istri), mangga ngadeg papayun-payun. Neng ......(Panganten Istri) sok lebetkeun lelepen Kang..............(Panganten Pameget) teh, kana jariji tengenna, mangga bari maos
Bismillaahirahmannirrahiim.
Alhamdulillah, pancen Neng ..............(Panganten Istri) parantos rengse, ayeuna kantun Cep..............(Panganten Pameget), ngalebetkeun lelepen Neng......................(Panganten istri), Sok mangga Kasep, lebetkeun lelepen Neng .............(Panganten istri) teh, kana jariji panangan anu tengenna, teu kedah gurung gusuh, kasep, anca we, lalaunan, sing tarapti,  peell, sok dedetkeun, kituh, tos lebet mah gampil, nya.
Alhamdulillaah, acara ngalebetkeun lelepen parantos. Ayeuna urang  lajengkeun kana masangkeun mas kawin, masangkeun pinggel ku panganten pameget, ku Cep ......(Panganten pameget) ka Panganten Istri, ka Neng ..............Hadirin sadaya, urang teraskeun kana acara sungkem ka ibu-ramana panganten. Ka ibu-ramana panganten, dihaturanan ngalih calikna, Ibu ..............(Ibu Panganten Pameget)  sareng Pa ...........(Ramana Panganten Pameget) di paliih kiwa, ibu ...............(Ibuna Panganten Istri) sareng Bapa.................(Ramana Panganten Istri) palih tengenna.
 Kahiji, Neng ..............(Panganten Istri), sungkem ka Mamah, Neng, sok munjungan ka Mamah, oge Cep ..................(Panganten Pameget) sok munjungan ka Ibu, Kasep.  Kedalkeun, minimal atuh dina hate wae.  Mamah, hapunten abdi, hapunten abdi. Salami Mamah ngarorok abdi, tug dugi ka kiwari. Du'akeun abdi duaan, rek hirup macakal.  Mitembeyan, ngojayan kahirupan rumah tangga. Eulis,kasep, jimat Mamah anaking.  Hidep pupujaning ati, Mamah jeung Bapa.  Dihampura ku mamah, Geulis, Kasep. Sanajan ayeuna hidep macakal.  Kanyaah Mamah, kanyaah Bapa, mo aya sudana.Bral didu'akeun ku Mamah.  Lakuna sing jadi lalanang jagat.Tandang lir lalaki langit.Geura mangkat geura miang. Rajahna waras waluya.Beunang ngasuh ti lelembut.Ngatik ngaping ti leuleutik.Prak geura pajangkeun. Kasep, geulis.
Ayeuna gentos, Neng ...............(Panganten istri). Cep  .................(Panganten pameget), pek munjungan ka Rama sewang-sewangan. Eulis, kasep,  Jungjunan. Hidep duaan kiwari rimbitan. K awajiban keur duaan.Sing sareundeuk saigel. Sabobot sapihanean.Mugia temen tinemenanBapa  ngajurung laku.Ka hidep duaan.Rek nempuh lalakon anyar Ngeusi hartina rarabi. Hirup kumbuh rumah tanggaMustari nitih ka wanci.
Ayeuna gentosan, Neng ................(Panganten istri) munjungan ka Ibuna Kang ...............(Panganten Pameget), Atuh Cep ..................(Panganten Pameget) munjungan ka ibuna Neng.................(Panganten Istri). Du'a ibu ka hidep duaan. Hidep masing teguh rukun. Salebeting laki rabiUlah unggut kalinduan. Gedag kunu lain-lain. Pria tata wijaksana.Mun istri titi berbudi.Sarigig kudu jeung harti.Sarengkak kudu merenah.Kelet bawel bahe carek.Tumanan heman ariman.Tatakrama ka sasama.Tuju laku nu rahayu.Siar jalan nu waluya. Mangga gentos deui, ayeuna Neng .................(Panganten Istri) munjungan ka ramana Kang .................(Panganten Pameget), atuh Cep .......................(Panganten Pameget) munjungan ka Ramana Neng..........................(Panganten Istri).   Pidu'a ti Bapa  saeutik. Bapa mah tangkal waluya. Pangeran anu Ngawasa. MantenNa anu Kagungan. Allah Nu Rahman Jeung Rahim. Mangka temen teguh iman. Mugi Gusti nangtayungan.Ka hidep duaan, salalawasna.
Mangga, cekap. Alhamdulillaah acara sungkeman rengse nembe.

Ka para tamu miwah hadirin sadaya, prosesi akad nikah di Masjid........................... parantos rengse, acara pangwilujeng mah urangteraskeun di bumi bae, ku kituna ka ibu-bapa sadaya, ngawakilan pribumi tangtosna oge, manawi kawidian ti sadayana, kanggo pangwilujeng ka dua panganten ieu, diantos di rorompok saurna teh, di Jl...........................................Bilih bade aya acara sawer, buka pintu sareng huap lingkung.

11.   11.00 - 11.30
 Sawer, buka pintu. Sareng Huap Lingkung.

 Hapunten ka para tamu, utamina ibu-bapa sadaya, hoyong pakaulan ieu teh,
 dina acara sawer ieu, sok sanaos sora teh teu patos sae, pedah ka Neng
 .......................(Panganten Istri) mah asa ka anak sorangan puguh ge.
 Da ti bubudakna sareng pun anak nu cikal sapangulinannana, oge ka
 Cep..................(Panganten Pameget), da puguh ka asuh unggal waktos di
 rorompok, urang sawer sakalian ka Bapa geulis, kasep.

 Kidung Pelog

 Kalayan asma nu agung
 Anu sifat rohman rohim
 anu welas ka makhlukna
 Amit medarkeun talari
 Medarkeun tungkusan rasa
 Parepehna hirup hurip

 Seja nuturkeun piwuruk
 Kawiatan ku pribumi
 Ngagentos ibu ramana
 Heulakeun panganten istri
 Anu geulis kembang soca
 Tekanan beurang jeung peuting


 Ka caroge masing tumut
 mipangeran lahir bathin
 Tumut sugri parentahna
 Singkiran sungkan sukingki
 Peupeujeuh arek ngabantah
 Bisi kasibat kabadi.

 Sing jauh tina salingkuh
 Malar jadi repeh rapih
 Ka sanak kadang sing jembar
 Mi asih ka kulawargi
 Bakti hormat jeung tilawat
 Ulah kendat masing meujit.

 Kidung Salendro

 Kang uga cunduk waktu
 Katitih katarik tulis
 Hidep dikawasa murba
 Nangtayungan beurang peuting
 Wajib mingpin ngasug garwa
 Mikadeudeuh, ngaping-ngaping

 Ka garwa sing asak ma’lum
 Pageuh mageuhan kadali
 Lamun garwa pareng salah
 Wurukan ku budi manis
 Ulah dihaok disentak
 Bisi mangpaung risingis.

 Pameget sing kukuh pengkuh
 Ulah dapon ngumbar biwir
 Sautak-saeutik talak
 Bisi kaduhung di akhir
 Harempoy ngarum mangasay
 Leumpeuh dipeureuh kapeurih.

 Amin Ya Rabbal alamiin
 Mugi Gusti nangtayungan

 Buka Pintu

 Embat-embat (Istri)

 Ya Allah tobat yaa Rabbi
 Eta teh saha diluar
 Bet ngetrokan bae panto
 Taya bemakaramana
 Henteu rido henteu suka
 Naha andika teu mafhum
 Kapan kula teh rimbitan

 Kentar Cisaat (Pameget)

 Aduh enung, teungteuingeun teuing
 Sing hawatos panto geura buka
 Engkang teh ngiring ka jero
 Kapan parantos tutuhu
 Dirapalan ku bapa Naib
 Nyumponan ki siku wungrum
 Papagon Agama Islam
 Engkang teh caroge eulis
 Ulah hamham salempang

 Sinom Pangrawit (Istri)

 Karah teh panutan ati
 Sembaheun dunya akherat
 Nu mundut dibuka panto
 Sumangga engkang sumangga
 Estu sukalillah pisan
 Nya hate balumbang timur
 Caang bulan opat belas

 Malah ti tadi ge abdi
 Parantos kesel ngantosan
 Hate asa diganggayong
 Mung abdi gaduh paneda
 Lawang mo waka dibuka
 Mugi nyumponan pamundut
 Tawis engkang mikacinta

 Pameget

 Gunung inten pupujaning ati
 Jimat engkang mas mirah berlian
 Mustikaning padon kabeh
 Naon anu dipundut
 Pinggel kalung sumber mas picis
 Raksukan sareng sinjang
 Sumeja kahatur
 Bujeng-bujeng harta banda
 Jiwa raga mo bade disisikudi
 Eulis anu kagungan.

 Istri

 Teu kinten kabingahan
 Engkang miwelas ka abdi
 Taya dunya kinasihan
 Ti lahir dugi ka bathin
 Ananging panuhun abdi
 Sanes emas inten jambrut
 Mung hoyong kalimah kalih
 Memeh lebet ngucapkeun
 Syahadat heula.

 Rengse sawer sareng buka pintu, diteraskeun kana acara huap lingkung. Ka Ibu
 ……………(Ibuna Panganten Istri) sareng ka Ibu …………..(Ibuna Panganten Pameget),
 mangga dihaturanan nyandak sangu koneng hiji sewang, teras ngahuapan putra
 masing-masing, disambung engke ku Bapa………..(Ramana Panganten Istri) sareng
 Bapa……………(Ramana Panganten Pameget), sakantenan, huap pamungkas tinu janten
 rama ka putra.

 Mugi Gusti Nu Sipat Rahman Rahim, ngalimpahkeun rahmat kurnia ka panganten,
 nu ayeuna bade ngicip-ngicip rejeki Gusti.

 Huap anu wekasan sareng munggaran, disebat huap wekasan, margi ngarupikeun
 huap pamungkas ti ibu-rama, disebat huap munggaran, margi mangrupi huap nu
 ngawitan ti panganten pameget ka panganten istri, sareng sawangsulna.

 Mangga ibu-ibu tipayun, teras disambung ku bapa-bapa, ramana.

 Anaking pupujan ati, puputon kembang kadaton.
 Ieu Mamah jeung Bapa mere huap nu pamungkas.
 Ti leuleutik hidep dijaring beurang peuting.
 Ku Mamah jeung Bapa.
 Ayeuna mah geus sawawa, bral geulis, kasep.
 Geura lugay macakal, hirup mandiri.

 Mamah jeung Bapa sambung du'a.
 Sing panjang punjung, panjang umur.
 Cageur beuteung waras badan.
 Jauh balai parek rejeki.
 Rahayu salamet dunya akherat.
 Kadeudeuh kaheman Mamah jeung Bapa.
 Nganteng taya wates wangenna.
 Lir gunung tanpa tutugan, sagara tanpa muara.
 Najan pangjeujeuh diheuleut ku papisah, rumah tangga.


 Pamungkas acara silih benyeng bakakak, sareng silih huapan.

 Bakakak hayam parantos sayagi, oge sangu koneng sakeupeul sewang.

 Benyeng

 Sagalana tos sadia
 Panganten tuang daria
 Panggang hayam dipayunan
 Panganten tuang duaan
 Nyeng, benyeng benyeng benyeng
 Saha nu tarik benyeng
  Nyeng, benyeng benyeng benyeng
 Saha nu tarik benyeng

 Panganten silih huapan
 Silih beulitkeun panangan
 Jiga nu ayang-ayangan
 Ayang-ayang duaan
 Ayang ayang ayangan
 Bari eelengehan
 Ayang ayang ayangan
 Bari eelengehan


 Iber Ti MC.

 Ibu-bapa hadirin ikhwatulk iman rahimakumullaah.
 Alhamdulillaah, acara ka acara rengse kalayan lancar teu kirang sawios-wios,
 sambil ngantos panganten gentos raksukan, supados rada salse, urang
 lajengkeun bae tuang sapulukaneun lumayan sabrang salayan, lebet ka cabe mah
 henteu.

 Engke upami panganten tos saged deui, urang sami-sami para tamu sadaya, boh
 ti pihak panganten istri, atanapi ti pihak panganten pameget, utamina uleman
 sadaya, tatangga anu caket, dihaturanan ngadugikeun pangwilujeng, patepang
 dampal panangan, sareng Neng ……………..(Panganten Istri) anu parantos jatukrami
 sareng Cep …………………(Panganten Pameget).

 Nu dipalar pidu'ana ti sadayana. Kukituna, ngawakilan ti fihak kulawarga,
 sim kuring ngahaturkeun timpah nuhun anu teu aya hinggana, ku kersana
 ibu-bapa, ngaluuhan ieu acara, nyumponan pangulem ti  shahibul bait siang
 ieu, mugia bae sumpingna ibu-bapa sadaya, ka ieu tempat teh sing
 dijantenkeun ibadah, anu ditampi ku Allah SWT. "Jazakumullaahu khairan
 katsiraa, wa tsawaban jaziilaa".

 Kalihna ti eta, ngemut kana tuntunan agama, kapan saurna ge :"Bewarakeun
 pertikahan aranjeun ka balarea, sok sanajan ngan ukur siduru isuk". nu
 dipalar pidu'ana ti sadayana.

 Atuh ka panganten duaan, Ka Cep ………………..(Panganten Pameget) sareng
 Neng…………(Panganten Istri), anu nuju nyeuseup maduna pertikahan, ngawakilan
 ibu-rama hidep duaan, ngawakilan sepuh-sepuh urang sareng sadaya kadang
 wargi, mung ukur tiasa muntang ka Allah Nu Murbeng Alam, mugia pernikahan
 aranjeun duaan, dina nyorang kahirupan rumah tangga jaga teh, sing aya dina
 ginanjar kawilujengan, sing janten rumah tangga anu sakinah, janten wangunan
 rumah tangga anu mawaddah warahmah, sangkan tiasa janten wangunan rumah
 tangga anu baldatun thayyibatun wa rabbun ghafuur.

 Bawiraos, henteu aya nu langkung pantes didugikeun ka hidep duaan dina
 wangkid ieu, iwal ti deudeul du'a, mugia Allah SWT ngajantenkeun  pernikahan
 aranjeun duaan teh, pernikahan anu diraksa ku MantenNa salalamina.
      
 Yaa Allah Yaa Rabbanaa, limpahkeun pirang-pirang anugerah ka panganten ieu,
 eusian sakuriling panganten ieu, ku pirang-pirang piwelas Gusti.

 Hijikeun anu ditikahkeun ieu teh, dina beungkeutan anu pageuh tur lana dugi
 ka jaga.

 Allaahumma Yaa Allah, mugi Gusti henteu ngajantenkeun pisahna ieu
 pertikahan, sareng henteu aya dina pirang-pirang pacengkadan 

 Sareng mugi Gusti nyumponan sagala kabutuh dua pihakanana, kabutuh istrina,
 kabutuh carogena, kabutuh dunyana katut kabutuh akheratna.

 Yaa Allah Yaa Rabbanaa, saestuna abdi sadaya nyuhunkeun pitulung ka Salira,
 pamugi ngalimpahkeun rasa deudeuh rasa asih ka dua pihakanana, eusian rumah
 tanggana ku putra-putra anu shaleh, putra istri sareng putra pameget, raksa
 tur piara duanana tina sagala rupi tipu daya, gampilkeun duanana dina milari
 rizkina, sareng mugia duanana  dijantenkeun kana golongan anu shaleh.

 Allaahumma Yaa Allah, abdi sadaya muntang ka Salira, tina kasalametan di
 dunya katut di akheratna, sareng mugia tiasa syukuran ka Salira tina sagala
 pirang-pirang kani'matan.

 Yaa Allah Yaa Rabbanaa, jantenkeun anu ditikahkeun ieu teh, sapertos
 ngahijina Nabi Adam sareng Siti Hawa, jantenkeun anu ditikahkeun ieu teh,
 sapertos ngahijina Jungjunan abdi sadaya Nabi Muhammad SAW sareng Siti
 Khadijah Al Qubra, jantenkeun anu ditikahkeun ieu, sapertos ngahijina
 shahabat Ali Radiyallahu Anhu sareng Siti Fatimah Az Zahra.

 Yaa Rabbanaa, mugi Gusti maparin barakah ka anu ditikahkeun ieu, sareng mugi
 Gusti ngahijikeun ka anu ditikahkeun ieu dina kasaean.

 Allaahumma bifadl lika 'ummanaa, wa biluth fika huffanaa, waj 'al haadzal
 'aqda 'aqdaan mubaarakan ma'shuumaa, wa alif bainahumaa ulfatan, wa qaraaran
 daa-imaa, walaa taj 'al bainahumaa  furqatan, wa firaaran wajhusshuumaa, wak
 fihimaa mu-natad dun-yaa wal aakhirah.

 Allaahumma innaa nas-aluka an tulqiya bainahumal mahabbata wal widaada, wa
 an tar zu qahuman naslash shaaliha minal banaati wal aulaad, hattaa
 turiyahumal asbatha wal ahfaad, wa an tah fadhahumaa mim makaa yidil khalqi
 ajma'iin, wa an tuwas si'a lahumar rizqa, wa an taj 'alahumaa min 'ibadikash
 shaalihiin.

 Allahumma inna nas -alukal 'aafiyata wa dawaamal 'aafiyah, wasy syukra
 'alaal 'aafiyah.

 Allaahumma allif bainahumaa kamaa allafta bainaa abiinaa Aadama wa umminaa
 Hawaa-a, wa allif bainahumma kama allafta bainaa sayyidinaa Muhammad
 Shalallaahu "alaihi wasallam, wa sayyidatinaa Khadijatal  Kubraa, wa allif
 bainahumma kamaa allafta baina sayyidinaa 'Alii wa  sayyidatinaa Fatimataz
 Zahra-i, wa allif bainahumaa kamaa allafta bainal maa-i  wats  tsalji.

 Barakallaahu laka wa baraka alaika, wa jama'a bainakuma fii khaiir.

 Washalallaahu 'ala sayyidinaa Muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihi
 wasallam.

 Wal hamdulillaahi rabbil 'aalamiin.
 Amin Yaa Allah Yaa Rabbal 'alaamiin.
 Amin Yaa Mujiibas saa 'ilin.
 Billaahit taufiq wal hidayah wal ibadah wal inayah.
 Wallaahul muwaffiq ilaa aqwamith thaariiq.
 Wassallam u 'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.


BOBODORAN SUNDA EUUYYY

8 komentar:

  1. Euleuh, meni kataji pisan... Upami teu kaabotan mah palay ngiring nempelkeun ieu seratan dina blog anu sim kuring..hatur nuhun pangersa

    BalasHapus
  2. hatur nuhun, ngiring ngopy, .... mdh2an janten kasaean.

    BalasHapus
  3. owh kawas gtu tah,pengatenan urang sunda.

    BalasHapus
  4. samyad14:13

    sae pisa

    BalasHapus
  5. duuuh sae mani waraas maosnage
    punten bade ngiring nempelkeun dina blog abdi (anu nuju diajar ngeblog)

    BalasHapus

ORANG BIJAK SELALU MENINGGALKAN JEJAK !