Tampilkan postingan dengan label Pawayangan. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Pawayangan. Tampilkan semua postingan

WAYANG GAMBARAN KAHIRUPAN


Naha Rupa Wayang Teu Siga Jelema?




WAYANG ngalalakonkeun kahirupan manusa. Enya, kahirupan sapopoé. Hanas aya bagian carita nu teu manjing di akal, éta mah ukur pangjangkep reujeung papaés—kawas kasuktan-kasaktén, alam kahiyangan, atawa sasatoan bisaeun nyarita. Da ari dina jejerna mah, kitu deui ajén-inajén anu dikandungna, éta téh sagemblengna meunang ngaludang tina kahirupan urang.
Ngan anéhna, naon sababna bentuk wayang teu persis niron potongan jalma? Sirahna gedé teuing, teu ngimbangan ukuran awakna. Kitu deui leungeunna, paranjang jeung laleutik teuing. Keureutan beungeutna ogé, jajauheun ti rupa urang. Aya anu irungna gedé, aya anu matana bolotot, aya anu huntuna mudal ka luar, jeung sajabana.

Béda jeung di batur, lalakon anu sumberna tina kahirupan manusa téh, ana dipagelarkeun ku bentuk bonéka, ilaharna niron rupa jeung proporsi awak jelema. Malah aya anu ukuran gedé jeung jangkungna badan gé disaruakeun jeung badan urang. Rupa jeung bentuk bonéka nu dipaké di batur mah teu némbongkeun ayana unsur distorsi, sabab disarimbagkeun jeung badaniah urang.

"Mun ditingal tina kasang tukang lahirna wayang di urang, éta téh mémang dihaja sina kitu," cék Drs. H. Anang Permana (74 taun), dalang kasepuhan ti Ujungberung nu kasohor tapis nyieun wayang.

Wayang jieunanana, aya nu dikoléksi di Jepang, Singapura, Inggris, Walanda, jeung Amérika. Ieu Ketua Jurusan Padalangan di SMKI manten téh kungsi dipentés pinton wewesén dina kagiatan Expo 1970, di Osaka, Jepang.

Dina mangsa-mangsa munggaran asupna Islam ka urang, kitu cék Anang, wayang téh dipaké média pikeun nyebarkeunana. Da´wahna para wali téh apan dibungkus ku kasenian. Jigana mah lantaran diluyukeun jeung kaayaan masarakat jaman harita. Jadi, lain dimimitian ku medar ayat atawa mesék hadis, jajauheun mun bari ngacung-ngacung pakarang. Saréat Islam téh diaworkeun jeung budaya nu dalit dina kahirupan sapopoé. Éta waé geuning buktina, ajian Prabu


Darmakusumah alias Yudistira ogé, kalimusada, apan jadi kalimah sahadat.

Najan sina awor jeung budaya anu geus nyampak leuwih ti heula, tapi aya babagian anu dibédakeun. Bisa jadi meureun pikeun nandeskeun yén dina garapan wayang téh aya muatan anu sumberna tina ajaran Islam.

"Salah sawios di antawisna nya dina ngadamel bentukna téa," cék Anang. "Dina paélmuan ngadamel wayang mah disebatna didéformasikeun éta téh."

Dina jaman para wali nyebarkeun Islam, di urang, anu geus leuwih ti heula wanoh kana ajaran Hindu atawa Budha apan geus aya patung reujeung arca, anu rupa reujeung bentukna ilahar nyonto ka jelema. Mémang aya éta gé arca anu rada méngpar, upamana Ganésha anu sirahna gajah. Tapi da ari dina karéréanana mah, sakumaha anu kapanggih di musieum nasional, angger wé néplak postur jelema.

"Éta pangna bentuk wayang dibéntenkeun ti arca, anu tos dianggap jadi banda luareun Islam. Bari jeung apan ari arca atanapi patung mah sok dianggo sesembahan. Rupina, upami bentuk wayang niron arca mah, inggis engkéna bilih disarembah, " pokna. Lian ti éta, dina ajaran Islam téh apan aya papahaman yén teu meunang barangjieun anu nyarupaan mahluk Gusti.

Katerangan Anang bieu pikeun leuwih nandeskeun alesan naon pangna bentuk wayang teu dijelemakeun. Mémang kitu ti baheulana, ti keur jaman wayang kulit kénéh, anu saterusna di Sunda lahir wayang golék.

"Ari pikeun Bapa mah, bentuk wayang didéformasikeun téh saleresna langkung seueur disawang tina sisi éstétika. Upami wayang bentukna kawas awak jalmi, bakal hésé dina nuju diigelkeunana. Cobi waé, apan kélék wayang mah langab, teu rapet kawas urang. Upami teu sina langab, bakal kawatesanan dina ngigelkeunana ogé," cék Anang.

UPAMA disalusur asal-muasalna, wayang golék anu ayeuna hirup di urang téh apan bibitna mah ti Jawa, ngan di dieuna dirobah ku karancagé para senimanna. Mimitina asup heula ka Cirebon, terus ka Priangan, balukar tina lancarna patali marga, nyaéta ti saprak aya jalan raya pos jieunan Daendels. Masih kénéh wayang kulit harita mah, basana gé basa Jawa.

Naha ari urang Sunda baheula teu bogaeun kasenian wayang kitu, tepi ka kudu nguyang ti Jawa?

Saenyana, lamun urang ngungkaban naskah Sanghiyang Siksa Kandang Karesian (ditulis taun 1618 Maséhi), aya katerangan kieu:

Hayang nyaho di sakwéh ning carita ma: Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayaséna, Sédamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawa-sarma, Bimasorga, Rangga Lawé, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri; sing sawatek carita ma mémén tanya.Hayang nyaho di pantun ma: Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, Haturwangi; prepantun tanya.

(Mun hayang nyaho sakabéh carita, kayaning: Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayaséna, Sédamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Rangga Lawé, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri, nya sagala rupa carita pék tanya dalang. Lamun hayang nyaho ngeunaan pantun, kayaning: Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, Haturwangi; pék tanya juru pantun.)

Jadi, cék éta naskah mah, urang Sunda ogé geuning bogaeun carita wayang téh. Ulah waka disebut wayang atuh, tapi lalakon (teuing kumaha jengglénganana) anu jadi garapan dalang. Ngan hanjakalna téh kiwari urang teu kawaris sésa-sésana. Urang teu apal, kumaha ari carita Ramayana jaman Pajajaran téh, da lalakonna geus teu kasusud. Terus deuih, naha éta lalakon Ramayana jaman harita téh dipagelarkeunana maké médium bonéka anu ku urang ayeuna ilahar disebut wayang? Taya kateranganana. Minangka anu nyésa téh, tur tepi ka urang ayeuna, nyaéta carita pantun.

URANG balik deui kana pedaran wayang golék anu tepi ka ayeuna hirup dina kasenian Sunda, anu terus tatalépa kawariskeun tepi ka ayeuna. Harita, aya ahli nyieun wayang kulit, ngaranna Ki Darman, bumén-buménna di Cibiru, Bandung Wétan. Ari asalna mah Ki Darman téh ti Cirebon. Sanggeus pindah ka Cibiru gé masih kénéh terus nyieunan wayang kulit, keur pakéeun para dalang di Priangan. Nya ka kaémpér-émpér ka Bupati Bandung anu katelah R.

Wiranatakusumah III (Dalem Karanganyar), anu saterusna méré pancén ka Ki Darman pikeun nyoba-nyoba nyieun wayang tina kai. Jieunan Ki Darman anu mimiti, masih kénéh néplak pola wayang kulit. Dalém Karanganyar kurang sugema, terus ngasongkeun saran sangkan bentukna dirobah deui. Nya ahirna ngajanggélék waé wayang golék sakumaha anu kiwari aya. Kecap golék téh cenah kirata, nyaéta diugal-égol jeung diulak-olék—maksudna mah diibingkeun. Enya, apan ari wayang golék mah kaasup barang tilu diménsi, béda jeung wayang kulit anu ngan ukur dua diménsi.

Nya ti harita di Sunda aya wayang golék téh, najan ari basa anu dipaké dina pintonanana mah angger ku basa Jawa. Mimiti dirobah jadi basa Sunda téh dina jaman Dalem Bintang alias R.A.A. Wiranatakusumah IV (1846-1874). Kitu ogé anu dirobah téh ukur dina ngadadar lalakon, da ari kakawénna mah masih angger ku basa Jawa, tug tepi ka ayeuna ogé.

Anang (lahirna di Ciwidéy, turunan dalang ti bapa anu katelah Entum Wiraatmadja), mimiti guguru nyieun wayang taun 1950-an, satamatna ti SGB, ka Udin Suparta, urang Cibiru. Ari Udin Suparta téh generasi katilu ti Ki Darman. Dibandingkeun jeung tukang nyieun wayang lianna, Anang aya punjulna. Ari sababna, Anang mah dalang anu kungsi kakoncara dina jamanna. Lian ti éta, henteu ngan sawates jadi kréator seni wungkul deuih, tapi mampuh ngarumuskeun paélmuanana. Éta pangna ayeuna remen jadi pananyaan dalang yunior gé.

Cék Anang, teu loba dalang anu bari bisa nyieun wayang téh. Ari sababna mah lantaran aya "tetekon": dalang mah peupeujeuh ulah nyieunan wayang, bisi ngadalangna teu payu.

"Mémang leres, kitu. Dalang mah leres ulah pirajeunan ngadamel wayang, upami nuju manggung, hé-hé-héh …," pokna. "Ari Bapa mah, manggung kantos sering, dina jaman keur ngora mah. Atuh dina ngadamel wayang, dugi ka ayeuna gé masih kénéh dikeureuyeuh. Mung pédah ayeuna mah dina ngukirna anu rada abot téh, margi kondisi panon tos robih."

Wayang golék téh dina rupa reujeung hiasanana néplak kana wayang kulit minangka babonna. Tapi, dina sawatara bagian mah aya anu dirobah; upamana waé kilat bahu anu aya dina leungeun Gatotgaca. Dina wayang kulit, éta kilat bahu téh dirupakeun oray, ari dina wayang golék mah manuk galudra.

NYIEUN wayang golék geus pasti réa unak-anikna. Anu pangheulana, kudu nyieun bentuk; ngawengku sirah, leungeun, jeung awak. Ti dinya terus diukir. Ari ukiran dina wayang, pangpangna lebah makuta, apan sakitu renyekna, dirungkal-ringkel. Kasawang kumaha leukleukna, nyodét-nyodétkeun tungtung péso raut dina ukuran mimilian.

Terus nincak kana ngecét, anu sarua deuih leukleukna. Kitu deui lebah gradasi (béda-bédana) warna, sarua deuih loba anu dina ukuran miliméter—ukur saluhureun buuk. Mun geus dicét, terus dirangki jadi tangtungan wayang. Diceceban campurit, dijieunna tina awi, tungtung handapna diseukeutan, minangka paniir sirah jeung awak (lamun keur diigelkeun, wayang téh dicekel campuritna). Bagian leungeunna ditiir ku bola kasur, ngarah bisa digerakkeun. Tina tungtung dampal leungeunna, disambung ku tuding (sarua deuih bahanna tina awi). Bérés éta, terus kudu dipasangan hiasan (asésoris) reujeung sampingna.

Ku nilik prosésna kawas kitu, kaharti lamun nyieun wayang golék (anu alus) mah teu cukup ku sapoé. "Dina saminggu téh, paling tiasa ogé ukur ngaréngsékeun hiji," cék Anang.

Anu matak, pantes mun hargana mahal gé. Wayang golék jieunan Anang, hijina rata-rata harga sajuta rupia. Mun pesen sakotak, anu eusina 117 wayang, nya kari ngalikeun waé, kira-kira sabaraha pipangajieunana. Jauh tangéh mun dibandingkeun jeung harga wayang anu sok diasong-asong ka para turis, anu hargana bisa Rp 15 rébuan.

Mun diukur ku bahanna ogé, harga sakitu mah asa teu katulup aya buruhan pikeun anu nyieunna. Ayeuna, harga kai albasia ogé pan geus sabaraha. Tacan deuih harga cét, terus bahan keur samping, reujeung asésoris lianna. Sabaraha buruh keur pangrajinna atuh?

Waktu Anang rék ka Osaka (taun 1970), harita harga wayang sakotakna téh Rp 25 rébu. Tapi, jualeun di Jepang mah sapuluh tikeleun ti éta. Ari sababna, dijieunna ogé enya-enya apik; boh dina ukir-ukiranana, boh dina ngecétna. Malah sampingna ogé maké batik tulis nu hargana mahal. Kitu deui minangka hiasanana téh maké ditarétés ku permata sagala. Kiwari éta wayang jieunan Anang téh dikoléksi di Jepang.

Ayeuna, bentuk jeung rupa wayang téh aya anu disarimbagkeun jeung jelema. Mimitina mah ukur tokoh emban jeung Batara Guru anu dijieun kitu téh. Ka dieunakeun mah tokoh-tokoh séjénna ogé aya dirobah.

"Ari cék pamendak Bapa mah, bentuk sareng rupi wayang téh tos waé sina kawas asalna. Ulah dirobih dijalmikeun," pokna.***

Baca Selengkapnya>>

FILOSOFIS SEMAR




Semar dina basa Jawa (filosofi Jawa) disebut Badranoyo

Bebrodo = Ngawangun sarana ti dasar

Noyo = Nayoko = Utusan mangrasul

Hartina: Mengembani sipat ngawangun sarta ngalaksanakeun paréntah Alloh pikeun karaharjaan manusa

Filosofi, Biologis Semar

Baca Selengkapnya>>

SAHA AI SI CEPOT SASTRAJINGGA TEH




Sastrajingga landian Cepot nyaéta anak kahiji ti tilu duduluran ti pasangan Semar Badranaya sarta Sutiragen (sabenerna Cepot lahir ti saung). Watekna humoris, resep banyol ngabodor, teu paduli ka saha ogé boh ksatria, raja boh para déwa. Sanajan kitu liwat humornya manéhna tetep méré nasehat petuah sarta kritik.
Lakonnya biasana dikaluarkeun ku dalang di tengah carita. Sok marengan para ksatria, utamana Arjuna, Ksatria Madukara anu jadi majikannya. Cepot dipaké dalang pikeun nepikeun talatah-talatah leupas pikeun pemirsa sarta panongton boh éta nasihat, kritik boh petuah sarta sindiran anu tangtu waé ditepikeun bari guyon.

Dina tarung atawa perang, Sastrajingga dawam milu kalayan nyekel pakarang bedog landian bedog. Dina pengembangannya Cepot ogé boga pakarang panah. Para denawa (buta/buta) dawam jadi lawanana.

Sastrajingga mangrupa inohong panakawan putra Semar Badranaya.

Sastra nyaéta tulisan. Oranyeu nyaéta beureum. Si Cepot nyaéta gambaran inohong wayang anu miboga lampah goréng ibarat saurang siswa anu miboga rapot beureum.

Tapi kitu manéhna pohara satia nuturkeun Semar kamana waé manéhna indit.

Datangna dina saban pagelaran wayang golek pohara dinanti-nanti alatan kekocakannya. Asep Sunandar Sunarya ngajadikeun si Cepot minangka kokojo / inohong unggulan dina saban pagelaran. Komo tanda leungeun Asep Sunandar ditulis luhur ngaran Cepot.

Baca Selengkapnya>>

SAHA AI ANOMAN TEH DINA PAWAYANGAN



Anoman Perbancana Suta, atawa Hanoman, kera berbulu bodas putra Batara Guru ti dewi Anjani.

Manéhna kungsi nyekel kalungguhan minangka senapati karajaan Mahespati, mengabdi ka Batara Rama dina carita Ramayana.

Manéhna ogé ngabogaan umur anu pohara panjang, alatan miboga pancén nunda sukma Rahwana di jero cupunya. Éta nurutkeun Pustaka Rajah Purwa Ramayana, anu béda jeung vérsi Ramayana ti India.

Anoman ngabogaan sawatara ajian. Aji Pancasona, kakuatan narima bacokan satru. Bayu Bajra, teunggeulan jeung tanaga ratusan kali ku kituna bisa menjepit gunung sonara-sonara pikeun menjepit awak dasamuka. Pancanaka, kuku ibu ramona anu bisa dipaké minangka pakarang pembunuh anu hébat. Bayu Rota, kakuatan atawa kecepatan sagancang angin. Sirna Bobot, aji pikeun meringankan awak waktu hiber atawa ogé ngajleng.
Baca Selengkapnya>>

BIOGRAFI YUDHISTIRA DINA PAWAYANGAN




Yudistira nyaéta putra Pandu anu kahiji ti ibu Dewi Kunti.

Manéhna nyaéta raja Amarta.

Ialah anu nyekel pusaka sakti Layang Jamus Kalimusada.
Baca Selengkapnya>>

SAHA SADEWA DINA WAYANG GOLEK




Sadewa nyaéta putra Pandu anu kalima. Disebut ogé Pandawa anu kalima. Ngabogaan baraya kembar nyaéta Nakula.
Baca Selengkapnya>>

SAHA NAKULA DINA WAYANG GOLEK TEH



Nakula nyaéta putra Pandu anu kaopat. Disebut ogé Pandawa anu ke-empat. Ngabogaan baraya kembar nyaéta Sadewa.
Baca Selengkapnya>>

PROFIL GATOT KACA WAYANG GOLEK




Gatotkaca, salah saurang inohong ti epos Mahabharata. Putra Arya Bima & Arimbi. Bima méré ngaran anakna éta Jabang Tutuka.

Gatotkaca sakti mandraguna kalayan sagala élmu sarta aji-aji pamungkasnya kawas Brajamusti, Krincing Wesi, Bajingiring, Galudra Ngapak sarta sajabana.

Dipercaya jadi panglima perang nagara Pringgadani. Dipikawanoh jeung landian otot kawat, tulang waja, daging beusi.

Leuwih ti éta manéhna ogé ngabogaan jiwa seni anu luhur. Dipikawanoh ogé minangka nu nyieun arca, patung-patung ti batu.

Gatot kaca sorangan ngabogaan loba ngaran pemberian déwa. Tapi anu dipaké nyaéta ngaran Gatotkaca, ngaran pemberian ti Batara Guru waktu di sawarga maniloka.

Waktu umur 3 warsih, Jabang Tutuka diutus Batara Guru pikeun ngalawan Naga Percona. Tapi nyaah, Tutuka mati di leungeun Naga Percona sanggeus manéhna nalapung panon Naga Percona nepi ka lolong palebah panonna.

Ku kituna Batara Guru maréntahkeun Batara Narada sarta Batara Bayu pikeun memasukan jasad Tutuka ka kawah Candradimuka. Tutuka dicitak deui baganti wujud jadi Gatotkaca.
Baca Selengkapnya>>

SI GARENG DINA WAYANG GOLEK


Gareng nyaéta anak katilu ti tilu duduluran ti pasangan Semar Badranaya sarta Sutiragen. Gareng biasana sok di imah waé mantuan ibu Sutiragen ngalakonan sagala rupa pejkerjaan imah. 
Baca Selengkapnya>>

BIOGRAFI DEWI DRUPADI WAYANG GOLEK




Dewi Drupadi nyaéta pamajikan Prabu Yudistira atawa Darmakusuma, raja Amarta. Ngabogaan hiji putra ngaranna Pancawala.

Dina mangsa Pandawa dihukum salila 12 warsih ditambah hiji warsih ku kurawa diperintahkan pikeun nyamur, Dewi Drupadi nyamur jadi ladén di karajaan Wirata ngaranna Malini. Patih karajaan Wirata ngaranna Kicaka mikaresep Malini / Dewi Drupadi sarta hayang dijadikeun pamajikanana. Tapi Malini ngaku geus boga salaki ti bangsa jin sarta ménta Kicaka pikeun maéhan jin éta. Kicaka menyanggupi. Durpadi ménta tulung ka Bima pikeun membereskan masalahna. Kicaka mati di leungeun Bima anu ngaku salaki Malini ti bangsa jin.

Dewi Drupadi dikisahkan dina carita "Pandawa Tutas Nyamur".
Baca Selengkapnya>>

BIOGRAFI DENAWA HUNTU WAYANG GOLEK



Denawa. Dawam disebut bangsa lolong. Lolong éta téh henteu nempo. Tapi bangsa lolong atawa bangsa denawa lain hartosna bangsa anu henteu bisa nempo ku panonna sorangan.

Maksudna nyaéta lolong baris petunjuk-petunjuk ageman, atawa bisa disebut ogé lolong haté. Ku kituna prilaku bangsa denawa biasana maok, merampok, maéhan, sarta prilaku jahat séjénna.

Denawa huntu maksudna wayang jeung sipat huntuna badag. Huntu hartina huntu.

Baca Selengkapnya>>

PROFIL DENAWA CALANGAP DINA WAYANG GOLEK



Denawa. Dawam disebut bangsa lolong. Lolong éta téh henteu nempo. Tapi bangsa lolong atawa bangsa denawa lain hartosna bangsa anu henteu bisa nempo ku panonna sorangan.
Maksudna nyaéta lolong baris petunjuk-petunjuk ageman, atawa bisa disebut ogé lolong haté. Ku kituna prilaku bangsa denawa biasana maok, merampok, maéhan, sarta prilaku jahat séjénna.
Denawa calangap maksudna wayang ieu sungutna bisa ngangah. Biasana ku para dalang dipaké minangka hiji sipat anu ngan bisa ngedalkeun vokal "A" waé. Conto: "kuring baris ka jakarta jalan pajajaran saterusna tabrakan sarua randa."
Baca Selengkapnya>>

BIOGRAFI DENAWA ACUNG WAYANG GOLEK



Denawa. Biasa disebut bangsa buta. Buta teh teu tiasa ningal  tapi bangsa buta atawa bangsa denawa lain bangsa anu teu bisa nngal ku mata tapi maksudna buta kana pituduh agama anu bisa di sebut oge buta hate anu prilakuna bangsa denawa biasana tukang maling, rampok, tukang maehan,tukang mabok sareng perilaku jahat sanesna.
Denawa acung maksudna wayang anu ngagaduhan karakter awak leutik suara leutik biasana karakterna sok amarah.

Baca Selengkapnya>>

SAHA AI SI DAWALA TEH DINA WAYANG GOLEK


Dawala putra kadua tina tilu sodara ti pasangan semar badranaya sareng sutiragen.Dawala kacida satya na  matruna rakana  cepot kamana wae siga sireum jeung sukuna atawa gilinding motor nu hareup jeung nutukang.
Baca Selengkapnya>>

PROFIL BIMA DUNIA PAWAYANGAN



Bima teh putra Pandu nu kadua ti ibu Dewi Kunti. Nikah sareng Arimbi. Bima teh ramana Gatotkaca.
ngagaduhan kuku pancanaka.
Dina beungeung na debeulitan oray. lamun  Bima ngabohong eta oray teh bakal macok  beuheung na. ku jalaran eta  Bima kasohor ku tara pernah ngabohong.
Baca Selengkapnya>>

PROFIL BATARA RAMA WAYANG GOLEK



Batara Rama atanapi Sri Rama oge ka telah Ramawijaya nyaeta  raja ti karajaan Ayodya. Putra prabu Dasarata.
istrina  Dewi Shinta, sabada na punjul dina syembara nalika nyabut Busur Pusaka Karajaan Mantili.
dina mangsa ngorana ngagaduhan nami Raden Regawa. Nyandang  gelar  Rama saparantos  naklukeun  Rama Bergawa.
Baca Selengkapnya>>

BATARA KRESNA WAYANG GOLEK




Batara Kresna teh raja karajaan Dwarawati sareng  mangrupikeun titisan Dewa Wisnu, ditugaskeunn pikeun ngabereskeun sadaya permasalahan nu aya di bumi.
ngagaduhan senjata Gambar Lopian anu tiasa ningal sadaya eusi dunya.
Baca Selengkapnya>>

PROFIL BATARA GURU DUNIA PAWAYANGAN





Batara Guru teh putra Sanghyang Tunggal.
Nu ngarajaan Tilu Alam . Alam Marcapada, alam Madyapada sareng  alam Mayapada.

Baca Selengkapnya>>

BAMBANG SUMANTRI WAYANG GOLEK




Bambang Sumantri teh alo Rama Bergawa. ngagaduhan rai nu namina  Sokrasana nu deudeug na goreng patut.
Anjeuna pernah  dihukum ku Arjuna Sasrabahu Lantaran hayangeun   nikah ka calon istri Arjuna Sasrabahu, nyaeta di parentah mindahkeun  Taman Sriwedari ka alun-alun kota. di bantuan ku rai na  taman tiasa di alihkeun . ngarasa ka isinan gaduh rai goreng patut deudeugna teu sengaja  Sokrasana tilar  ku rakana sorangan.
Sumantri tilar ku  Sokrasana anu ngajelma jadi buaya nalika Sumantri adu jajaten sareng  Rahwana.


Baca Selengkapnya>>

PROFIL BAMBANG KACA WAYANG GOLEK




Bambang Kaca teh putra Gatotkaca.
Sabadana mangsa Bratayuda, Astina di kuasai ku pihak  Pandawa. Parikesit, Incu Arjuna, janten  raja mangsa harita. Sedeungkeunn Bambang Kaca jadi benteng pertahanan nagara Astina.
ngangge  pakaian Kre Antakusuma (gagaduhan ramana ). Dina suanteun nage mirip sareung ramana.
Baca Selengkapnya>>