Contoh 17 Pupuh Sunda



1. Asmarandana

Laras: SalendroWatek: silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.1 Pada := 7 padalisan.

Pupuh 1: Asmarandana 

Eling eling mangka eling 
( 8 engang – vokal i / E-ling-e-ling-mang-ka-e-ling (jumlah 8), 
ling panungtung vokalna i)
rumingkang di bumi alam( 8 – a )
darma wawayangan bae ( 8 – e )
raga taya pangawasa ( 8 – a )
lamun kasasar lampah ( 7 – a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u )
badan anu katempuhan ( 8 – a )

Panambih:

Eling-eling masing eling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

2.Balakbak

Watek: pikaseurieun.1 pada := 3 padalisan.

Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng(15-e)
Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng (19-e).

Panambih:

Aya warung sisi jalanRame pisan ku nu jajanTihothat nu ngaladanganNu jarajan sukan-sukan

3.Dangdanggula

Mega beureum surupna geus buritNgalanglayung panas pipikiranCikur jangkung jahe konengNaha teu palay tepungSim abdi mah ngabeunying leutikAri ras cimataanGedong tengah lautUlah kapalang nya belaParipaos gunting pameulahan gambirKacipta salamina
Panambih:
Hiji basa, hiji bangsaBasa bangsa, IndonesiaHiji bangsa, hiji nusaNusa tunggal, NusantaraSeler-seler, suku bangsaDi wewengkon, mana-manaSakasuka, sakadukaWujud bangsa, Indonesia

4. Durma
Pupuh 4: Durma: 
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangj
iMun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Heunteu niat seja balikNajan palastra
Mati di medan jurit
Panambih:
Di mamana si penjajahPada amarah marudahManan kapok anggur gawokNajan dituyuk diragutNagri sadayanaUmumna ngabelaNyempad rosa, pulitik penjajahTapi nu ngajajahTeu pasrah, teu sadrahTerus meres, ngahina ngarinah

5.Gambuh
Watek: bingung, samar polah atawa tambuh laku.1 Pada := 5 padalisan.
Pupuh 5: Gambuh 
Ngahuleng banget bingung ( 7 – u )henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 – u )turug turug harita teh enggeus burit ( 12 – i )panon poe geus rek surup ( 8 – u )keueung sieun aya meong ( 8 – o )
Ngahuleng banget bingungHeunteu terang kamana nya inditTurug-turug harita teh, enggeus buritPanonpoe geus rek surupKeueung sieun, aya meong
Panambih:
Hulang-huleng, hulang-hulengNgahuleng ngaraga menengHate ratug, tutunggulanHeunteu terang, kaler-kidulTurug-turug, turug-turugHarita teh, enggeus buritPanonpoe geus rek surupKeueung sieun aya meong


6. Pupuh 6: Gurisa 


Watek: pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.1 Pada := 8 Padalisan.

Hayang teuing geura beurang ( 8 – a ) 
geus beurang rek ka Sumedang ( 8 – a )
nagih anu boga hutang (8 – a )
mun meunang rek meuli soang ( 8 – a )
tapi najan henteu meunang ( 8 – a )
teu rek buru buru mulang ( 8 – a )
rek tuluy guguru nembang ( 8 – a )
jeung diajar nabeuh gambang ( 8 – a)
Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang
Panambih:
Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulangRek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang

7.Juru Demung
Pupuh 7: Jurudemung 
Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggihJeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung
Panambih:
Mungguh hirup di alam dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti bakal panggih
Suka bungah jeung kasedih
Dua rupa nu tumibaSakabeh jalma di dunya
Senang patumbu jeung bingung
Eta geus tangtu kasorang

8.Kinanti
Laras: Pelog/Salendro
Watekna: miharep atawa prihatin.1 Pada := 6 
Padalisan kembang ros ku matak lucu ( 8 – u )
nya alus rupa nya seungit ( 8 – i )
henteu aya papadana ( 8 – a )
ratuning kembang sajati ( 8 – i )
papaes di patamanan ( 8 – a )
seungit manis ngadalingding ( 8 – i )

Pupuh 8: Kinanti 
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis-amisSarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih
Panambih:
Ari beurang ngagarantung
Pinuh dina dahan kai
Disarada patembalan
Nu kitu naon ngaranna

9.Ladrang
Pupuh 17: Ladrang 
Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang, engkang-engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arek sarupa jeung lancah
Panambih:
Coba teguh masing telik
Eta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Reujeung dimana ayana

10.Lambang
Watek: banyol atawa pikaseurieun.Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.
Pupuh 9: Lambang 
Nawu kubang sisi tegal ( 8 – a )
nyair bogo meunang kadal ( 8 – a )
atuh teu payu dijual ( 8 – a )
rek didahar da teu halal ( 8 – a )
Panambih:
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Da teu halal
Laras: SalendroVokal: Seniman/wati RRI BandungSumber: Dokumen RRI BandungEncryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.com)Titimangsa: 4 September 2004

11.Magatru
Pupuh 10: Magatru 
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka, Ujung Berung
Rajamandala, CimahiLeles, Limbangan, Tarogong
Panambih:
Sukuna pakepit tilu
Panonna opat harerang
Leumpangna semu nu lesu
Ngalengkah teu bisa gancang

12.Maskumambang
Dikintun: koryati (202.51.230.139)
Kaping: 17.02.2004 09:52
Pupuh : Maskumambang
Duh manusa mana kaniaya teuingteu aya rasrasanabong ka mahluk nu laipnyiksa henteu jeung aturan
Hulu abdi karaosna langkung nyeritulang asa bejad
tanduk mah pon kitu deuitaya raoskeuneunnana
Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri
pedah kabisantapi yaktosna mah abdingan bakating kumawula
Oge margi anjeun rupina ka abdi
miwarang jeung maksabuktina disina juritkalawan jeung dihatean
Pileuleuyan dunya pisah sareng abdimoal bisa panjang
abdi ningal bumi langitrek mulang ka kalanggengan
jst.

13.Mijil
Pupuh 12: Mijil 
Mesat ngapung putra Sang ArimbiJeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur baeLarak-lirik ninggali ka bumi
Milari sang rai
Pangeran Bimanyu
Panambih:
Aduh Gusti nu Kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh ka sepuh wantun nundung

14.Pangkur
Watek: nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.Unggal Pada diwangun kutujuh Padalisan.———-
Pupuh 13: Pangkur 
Seja nyaba ngalalana ( 8 – a )
ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 – i )
henteu puguh nu dijugjug ( 8 – u )
balik paman sadaya ( 7 – a )
nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 – u )
Lurah Begal ngawalonan ( 8 – a )“
Aing ngaran Jayapati”( 8 – i )
Panambih:
Euleuh itu budak gembul
Awak gembru bayuhyuh gawena kedul
Ukur heuay jeung nundutan
Ka sakola unggal poe kabeurangan
He barudak tong nurutan
Ka nu gembul kokomoan
Bisi kedul jeung ogoan
Awal akhir katempuhan

15.Pucung
Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.———
Pupuh 14: Pucung 
Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 – u )
jeung nyenangkeun bapa ( 6 – a )
tanda yen bagjana gede ( 8 – e )
hitup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 – a )
Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loreng leupasluncat kana pager dengdek
Bajing kuning jaralang belang buntutna
Panambih:
Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora bisi engke henteu naek
Batur seuri urang sumegruk nalangsa

16.Sinom
Watekna gumbira.Unggal Pada diwangun ku salapan Padalisan.
Contona :Di wetan fajar balebat ( 8 – a )
panon poe arek bijil ( 8 – i )
sinarna ruhay burahay ( 8 – a )
kingkilaban beureum kuning ( 8 – i )
campur wungu saeutik ( 7 – i )
kaselapan semu biru ( 8 – u )
tanda Batara Surya ( 7 – a )
bade lumungsur ka bumi ( 8 – a )
murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 – a )

Pupuh 15: Sinom 
Warna-warna lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk caiLalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang
Panambih:
Harta pada nareangan
Harti pada narabahan
Harta harti sarwa guna
Pada bisa mere bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita-citaHarta harti song mangpaat
Dapon diraksa taliti

17.Wirangrong
Pupuh 16: Wirangrong 
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara
Panambih:
He barudak mangka ngarti
Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga dibela

KANGGO DOWNLOAD MP3 NA KLIK DIDIEU 



BOBODORAN SUNDA EUUYYY

0 komentar:

Posting Komentar

ORANG BIJAK SELALU MENINGGALKAN JEJAK !