CERITA LUCU SUNDA ISTERI PEJABAT DI INTROGASI


Aya polisi keur nga Introgasi istri na pejabat anu terdakwa kasus Kekerasan Dalam Rumah Tangga ( KDRT ).nya eta ninggang  salakina ku pot kembang, Meja sareng korsina.
POLISI : Naha ibu ngalkukan kekerasan samodel kitu ka salaki ibu?
ISTRI:  Ahhh salaki borokokok tah,
POLISI : emang salaki ibu kunaha kitu ?
ISTRI : kieu pa polisi sayah teh pan nya di toelan bari di kodokan isuk isuk subuh bari pok na teh, Reni tabuh sabaraha ayeuna ?
POLISI : Teruss....
ISTRI : Nya atuh langsung we ku sayah teh di baledog tah, ku pot kembang nu ka dua kumeja nu ka tilu ku korsi nuuuu ka opat rek ku lomari tadi namah ngan teu ka angkat pa polisi, jadi weh ngan di talapung tah waebobogaan na.
POLISI: Na atuh teu pira nanyakeun jam make jeung di siksa samodelan kitu bu ?
ISTRI: Atuh pan heu'euh tah deuleu ku beubeungok sia na KTP sayah teh EUIS lain RENI, paingan sok loba alesan lembur di kantor balik subuh, sok sering katangen resleting na muka keneh sugan teh enya wae alesana ti kait kanu gagang panto cenah di hareup.

9 komentar:

  1. Hahaha,untung oge pulisina teu asa kasidiran nya?

    BalasHapus
    Balasan
    1. nu puguh mah polisi nage sarua na,,,zaman kiwari mah,,,wkwkwkwk

      Hapus
  2. :D aya-aya wae lah !

    BalasHapus
  3. bisaan caritana lah

    BalasHapus
  4. wahhh ,,, bener laah talapung we salaki kitu mah... heheh

    BalasHapus
  5. Anonim14:05

    hahahah koplok eta....aya aya wae , tapi kumaha nasib bobogaan salakina...?

    Salam yeuh Urang ti Kalimantan aslina sih sunda ngan geus lila ngarantau...!

    http://masihbelajarnih.blogspot.com/

    BalasHapus
  6. wkwkwkwk....
    salaki kurang ajar ye mah, selingkuh teh meni kabawa kana ngimpi....wkwkwkwk

    BalasHapus
  7. asep_dhaklahraga@yahoo.co.id10:01

    untung bobogaan teu bengkak




    wkwkwkwkwkwkwkwkwkwkwkw

    BalasHapus

ORANG BIJAK SELALU MENINGGALKAN JEJAK !