DAMPAK NEGATIF ROKO KEUR URANG SUNDA

roko
Roko atanapi udud mangrupakeun hiji benda anu di jieun tina  kertas nu di eusian ku daun bako meunang nyiksrik di poekeun sareng di purulukan buah cengkeh, di duruk tung tung na  anu tung tung hijina di sedotan haseup na anu terus di kaluarkeun deui bari biwir na di manyunkeun.
Dampak negatif roko memang tragis sakumaha anu di randapan ku salah sahiji rencang simkuring (sebat we madun).
Hiji mangsa maneh na ameng ka bumi simkuring sakumaha biasa, maneh na curhat masalah panyakit anu tumiba ka manehna yen mun tos ngaroko sok ngarasa eungap bari deug deugan nyeuri dada.rek eureun ngaroko teu bisa di teruskeu kumaha da manehna tos kacanduan kunu ngarana roko atawa udud komo ngenta namah. atuh puguh we nu jadi batur na ngarasa karunya tur reuwas ngadangu eta carita margi sarua simkuring ge sok ngaroko. 
2 jam teu karasa ngobrolkeun panyakit akibat tina roko eta bari ngaroko beak 2 bungkus kopi 2 gelas pisang sapiring, anu ahirna maneh na ijin rek mulang, kaluar weh ti bumi simkuring si madun teh. 
teu kungsi lila pucunghul deui  lulumpatan bari  muringis siga nahan ka nyeri siga nu kambuh panyakitna. bari ngagoroan ka simkuring:
Madun :kiiiii kiiiiiiii .....!!
Kuring : dun haruh kunaha silaing kambuh deui panyakitna, ( panik teu puguh cacabakan )
Madun : aing ngenta korek kadieu geura aing ngenta korek kadieu,,
Kuring : jeung nahaon korek, aya jeger  eleh ku panyakit sakitu rek bunuh diri silaing
Madun : ceuk aing ngenta korek geura
Kuring : montong bunuh diri sia dun ke aing ek jeung saha maen catur, karambol jeung sasapedahan.

si madun teu ngajawab bari muringis siga nu beuki nyeri teu kungsi lila manehna cacalangapan bari aya sora perepeeettt nguuuuukkk brrruuuuuttttt burusuttttt, hiiieeeuukkk bau aroma khas spiteng.

Kuring : dun asa bau podol ning sia
Madun : aing modol na calana gobloooggg tuh deuleu ku sia
Kuring : ihhh heu'euh dun koneng nya, na ari sia balaga modol na calana siga calana aya takus an wae gening
Madun : ceuk aing tadi geura nginjeum korek aing hayang modol bari udud,,,,aing teu bisa modol mun teu udud aing euyyy
Kuring : beuhh mun ngomong tatadi hayang modol kituh moal ngawaduk na calan...

kasimpulan : dampak negatip tina roko atawa udud
1. Teu bisa modol mun teu bari udud
2. Matak Modol na calana atawa busiat akibat lila teuing neangan korekna
3. Ngaruksak calana

Mugi sing janteun pelajaran tur pangalaman tina iyeu carita :D 

8 komentar:

  1. hahahaaa.. bisaan euy ngabodorna..
    tapiiii, kela kela kela.. uing jadi hayang modol maca postingan ieu..
    mana korek??? korek mana??

    BalasHapus
    Balasan
    1. hahahha tuh kang peryogi seuneu mah pasa nuju kahuruan,,,,
      hatur nuhun kang ahhh,,,

      Hapus
  2. Hahaha,meuni serius saya macana sop,sugan enya dampak ngaroko,sabab kuring teu bisa leupas ti barang diduruk eta.
    Nuhun tos muka bungah di Papua,salam baktos,wilujeng ngeblog.

    BalasHapus
    Balasan
    1. hahah sami kang abdi ge sok ngaroko da,,,
      hoyong liren teh sesah...
      biasa nyandu ti bubudak abdi mah kang,,

      Hapus
  3. ha, ,ha, ,aku tertipu tapi seru!!!

    BalasHapus
  4. ha. .ha. .seru lumayan tama tunduh jeung jenuh!!!

    BalasHapus
  5. Anonim14:50

    panya nateh menta korek teh rek ngaduruk liang kudew na nu geus bau ku busiat......hahahahahahaa......
    abdi mah tos euren ngaroko kang........
    #euren meuli# hahahahahhahaa

    BalasHapus
  6. ha ha ha ha ha ha..

    BalasHapus

ORANG BIJAK SELALU MENINGGALKAN JEJAK !