PUISI SUNDA PANGBALIKAN


pematang sawah indah
Iuh, iuh gunung kuring
angin ulin dina embun-embunan
sawaktu-waktu kuring kudu nepungan
dumeh hirup halabhab cinta
di maranehna nya ayana

Aya sababna kuring tibelat
aya sababna kuring pegat
tapi nu ahir lain kaabadian
kakasih dina hate ngawih deui

Iuh,iuh gunung kuring
nyata, nyata tanda-tanda
ngabalungbung jalan hirup
nepi ka nyawa rek asup
ka maranehna kuring rek balik
ka maranehna kuring rek pamit

(Wahyu Wibisana, Ciawang ,28-7-56, tina Kanjutkundang)

6 komentar:

  1. hedded pokona mah lah..di antos nu sanes na akh..

    BalasHapus
  2. Anonim06:31

    izin ngopi lur...

    BalasHapus
  3. sae..sae pisan

    BalasHapus
  4. sae pisan Kang, nuhun ah!

    BalasHapus
  5. sae pisan... sip lah... di antos anu sanes na...
    kanggo nambih koleksi puisi sunda

    BalasHapus

ORANG BIJAK SELALU MENINGGALKAN JEJAK !